Wewengkon di Jepang
Tampilan
Wewengkon di Jepang lain satuan administrasi resmi, tapi sacara tradisional dipaké ngabagi wewengkon Jepang keur sababaraha kaperluan. Upamana, peta jeung teksbook géografi ngabagi Jepang kana 8 wewengkon, laporan cuaca ogé ilaharna dumasar kana wewengkon ogé sababarha bisnis jeung institusi maké ngaran wewengkon keur parusahaana saperti (Kinki Nippon Railway, Chugoku Bank, Tohoku University, jst.).
![](http://upload.wikimedia.org/wikipedia/commons/thumb/1/15/Regionen_japans.png/200px-Regionen_japans.png)
Sedengkeun Pangadilan Tinggi Jepang sanajan aya dalapan, tapi teu pakait jeung wewengkon ieu.
Ti kaler ka kidul, wewengkon tradisional nyaéta:
- Hokkaido (Pulo Hokkaido jeung pulo sabudureunna, kota gedéna Sapporo)
- Wewengkon Tōhoku (Honshu kaler, kota gedéna Sendai)
- Wewengkon Kantō (Honshu wetan, kota gedéna Tokyo jeung Yokohama)
- Wewengkon Chūbu (Honshu tengah, kaasup Gunung Fuji), kadangkala dibagi kana:
- Hokuriku region (Chūbu kaler-kulon)
- Koshin'etsu region (Chūbu kaler wetan, kota gedéna Nagano)
- Tokai region (Chūbu kidul, kota gedéna Nagoya, Hamamatsu, jeung Shizuoka)
- Chukyo region (Chūbu kidul-kulon, kota gedéna Nagoya, Gifu,jeung Yokkaichi)
- Kansai atawa Kinki region (Honshu kulon-tengah, kota gedéna Osaka, Kobe, jeung Kyoto)
- Wewengkon Chūgoku (Honshu kulon, kota gedéna Hiroshima, jeung Okayama)
- Shikoku (pulo, kota gedéna Matsuyama, jeung Takamatsu)
- Kyushu (pulo, kota gedéna Fukuoka) jeung Okinawa
Sababaraha di antara diwangun ku préféktur, iwal ti wewengkon Hokkaido, nu ngan ngawengku Hokkaido.