Awi
Awi
Leuweung awi
Klasifikasi ilmiah
Karajaan: Plantae
Divisi: Magnoliophyta
Kelas: Liliopsida
Ordo: Poales
Kulawarga: Poaceae
Subfamili: Bambusoideae
Supertribe: Bambusodae
Tribe: Bambuseae
Kunth ex Dumort.
Karageman
Sakitar 91 genera jeung 1,000 species
Subtribe

Baca lengkepna Taksonomi Bambuseae.

Awi mangrupa hiji kelompok tutuwuhan héjo kaian taunan dina kulawarga Poaceae, subfamily Bambusoideae, tribe Bambuséae.[1] Di antarana aya nu ngaraksasa, jadi anggota kulawarga jukut nu pangbadagna.[2]


Awi hirup di rupa-rupa iklim, ti wewengkon pagunungan nu tiris nepi ka wewengkon tropis nu panas, ti Asia Kalér-ngétan (50° Lintang Kalér di Sakhalin), ka kidul di Asia Wétan, ka kulon di Himalaya, sarta nepi ka Australia ti kalér nepi ka kidul. Awi ogé aya di Afrika sub-Sahara, sarta di Amérika ti tenggara AS ka kidul di Cile, pangkidulna nepi ka 47° Lintang Kidul. Wewengkon nu euweuh awian (aslina) nyaéta Éropa, Afrika Kalér, Asia Kulon, Amérika Kalér, jeung Antartika.

Biologi

édit

Leunjeuran awi panjangna rupa-rupa, ti ukur sababaraha sénti nepi ka 40 méter, kalawan diaméter ti 1 mm nepi ka 30 cm. Leunjeuran awi kabagi ku buku-buku, tempat tumuwuhna daun jeung cabang. Jadi, teu kawas jujukutan umumna, awi mah ngarancabang. Awi nu baradag mah katémbongna kawas tatangkalan biasa.

Awi tina rungkunna nu asli tumuwuh ngajangkunganana ukur sataunan, saterusna mah ngabadagan sarta ngarancabang, tapi teu ngajangkungan deui.

Sababaraha spésiés awi bisa kembangan, najan jarang, malah nepi ka ukur 10-100 taunan leuwih sakali. Ti antarana aya nu monokarpik: tangkalna paéh sanggeus sikina asak. Mun kembangan, nu kembangan téh sakabéh tangkal sawewengkon sakaligus, nu disangka mangrupa bentuk panyalindungan tina ayana prédator sikina.

Budidaya

édit

Awi, utamana awi laleutik, mindeng dipaké ngahias patamanan. Mun dipelak, kudu ditalingakeun balukar tina paripolah invasifna, sabab awi mah nyebar tina akar jeung rizomana. Aya dua pola nyebarna awi: monopodial (ngarungkun) jeung simpodial (ngarambat). Spésiés awi nu ngarungkun biasana sumebar na jero taneuh lalaunan, sedengkeun nu ngarambat mah gumantung kaayaan taneuh, iklim, jeung spésiésna. Aya nu nepi ka sababaraha méter per taunna, tapi aya ogé nu haben sakitu-kitu kénéh dina waktu anu lila. Mun rungkun awina geus tumuwuh lila, ngabérésihanana kudu digali nepi ka akarna, atawa ku cara dicacag terus-terusan nepi ka paéhna.

Mangpaat

édit
 
Sirung awi, nu katelah iwung, ku urang Asia mah sok didahar

Masarakat Asia sacara tradisional raket pisan sapopoéna jeung awi. Ti mimiti bahan dahareun (iwung), parabot dapur/rumah tangga (boboko, nyiru, ayakan, bésék, tolombong, mangga tingal parabot tina awi), patukangan (tarajé, pipa), wangunan (sasak, bilik jeung tihang imah), alat musik (calung, angklung, suling) sarta nu lianna (kohkol, jeujeur, jsb.) ilahar pisan maké awi. Malah mah baheula hinisna sok dipaké nyunatan. Iwung (sirung awi nu kakara mucunghul tina taneuh), di Tatar Sunda mah sok disayur. Najan sababaraha spésiés iwungna téh ngandung racun, racunna bisa leungit mun iwungna dipasak/digodog heula. Malah di jaman kiwari, awi sok dipaké scaffolding konstruksi.

 
Kasenian angklung nu migunakeun alat musik tina awi
 
Paimahan di Kampung Naga, Tasikmalaya nu dominan maké bahan awi.

Mun rék diala kaina, kudu dipilih awi nu umurna geus taunan.

Awi ngabentuk watang solobong nu buleud, tapi bisa ogé dijieun pasagi ku jalan numuwuhkeun awina dina solobong pasagi nu ukuranana saeutik sahandapeun diaméter alamina.

Di Cina, baheula hinisna dipaké nyieun kertas. Ayeuna gé masih sok dijieun, tapi dina jumlah nu saeutik.

Mitos

édit

Umur awi nu lila dijaidukeun lambang kahirupan bangsa Cina, sedengkeun di India dijadikeun lambang sosobatan. Kembanganana anu langka dijadikeun totondén bakal datangna usum paceklik. Di kapuloan Andaman, awi téh mangrupa tempat asal-muasalna manusa. Di Jepang, kuil Sinto sok dikubeng ku leuweung awi salaku pinding goib pikeun ngalawan iblis.

Aspék séjén

édit

Awi ngora, sirung ogé daunna mangrupa kadaharan utama panda di Cina jeung Spider monkey.

 



Tempo ogé rupa-rupa awi

édit
  1. Awi wulung
  2. Awi bunar
  3. Awi surat
  4. Awi haur
  5. Awi buluh
  6. Awi bitung
  7. Awi temen
  8. Awi tali
  9. Awi krisik
  10. Awi tamiang


Rujukan jeung tumbu kaluar

édit

Dicutat tina

édit
  1. Luthfiyani, Lulu. Kamus Genggam Bahasa Sunda. Yogyakarta2016: Frasa Lingua. ISBN 9786026475275. Diakses tanggal 23 Nopember 2019. 
  2. Poerwoko, Widya (2019). ECO-ART Bambu dan Spiritualitas Silat dalam Integrated Space Design. United States, University of Chicago: Dwi quantum. p. 81. Diakses tanggal 11 April 2020.