Lompat ke isi

Tarékat

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Tarékat (Arab: طريقة, thariqah), hartina "jalan", "lalakon", atawa "cara," nyaéta lalakon rohani saurang Muslim anu ngarah kana "pangaweruh langsung" (maʿrifah) ngeunaan Gusti atanapi "hakékat" (ḥaqq) anu sajati.[1][2]

Dina abad ka-9 sareng ka-10, tarékat hartosna lalakon rohani anu dijieun ku salah sahiji Sufi.[1] Saatos abad ka-12, nalika kalompok murid ngumpul di sakitar para murysid (disebut ogé séh atanapi pīr, "guru Sufi"), tarékat janten istilah pikeun sakabeh sistem ritual mursyid, nyaéta ajaran tasawuf,[2] anu dituturkeun ku kalompok atanapi aliran rohanina[1]. Ahirna, tarékat jadi istilah pikeun aliran éta sorangan.[1]

Pangikut tarékat tiasa ngahontal kamajuan rohani dumasar kana tingkat spiritualitasna. Tingkat kahiji nyaéta pangikut umum (mansub), anu tiasa maju jadi murid (muqaddam), wakil guru (khalifah), sareng tungtungna janten guru (mursyid).[2]

Tempo ogé

[édit | édit sumber]

Rujukan

[édit | édit sumber]
  1. a b c d "Tariqa | History, Sufism, Meaning, & Facts | Britannica". www.britannica.com. Diakses tanggal 2024-08-09. 
  2. a b c Rumadi (2016-04-29). Islamic Post-Traditionalism in Indonesia. Flipside Digital Content Company Inc. ISBN 978-981-4695-95-4.