Mesir
جمهورية مصر العربية Jumhūriyyat Miṣr al-‘Arabiyyah |
||||||
---|---|---|---|---|---|---|
Lagu Biladi, Biladi, Biladi |
||||||
Ibu kota (jeung kota panggedéna) | Kairo | |||||
Basa resmi | Arab | |||||
Pamaréntah | Républik | |||||
- | Présidén | Abdel Fattah el-Sisi | ||||
- | Perdana Menteri | Moustafa Madbouly | ||||
- | House Speaker | Ali Abdel Aal | ||||
Kamerdékaan | Ti Britania Raya | |||||
- | Disatujuan | 28 Fébruari 1922 | ||||
- | Déklarasi | 18 Juni 1953 | ||||
Aréa | ||||||
- | Total | 997.739 km² (30) mil² |
||||
- | Cai (%) | 0,6% | ||||
Populasi | ||||||
- | Perkiraan 2005 | 77.505.756 (15) | ||||
- | Sénsus 2004 | 76.117.420 | ||||
- | Kapadetan | 77 /km² (93) /mil² |
||||
GDP (PPP) | Perkiraan 2005 | |||||
- | Total | US$282,3 miliar (31) | ||||
- | Per kapita | US$1.350 (115) | ||||
Mata uang | Pound (EGP ) |
|||||
Zona wanci | (UTC+2) | |||||
- | Usum panas (DST) | (UTC+3) | ||||
TLD Internét | .eg | |||||
Kode telepon | +20 |
Républik Arab Mesir, leuwih dikenal salaku Mesir, (Basa Arab: مصر, Miṣr) mangrupa hiji nagara nu kalobaannana wewengkonna aya di Afrika bagian kalér-wétan.
Lega wewengkonna kira-kira 997.739 km² Mesir nyapluk Samananjung Sinai (dianggap sabagé bagian ti Asia Kidul-Kulon), teras kalobaannnana wewengkonna aya di Afrika Kalér. Mesir tepung wates jeung Libya di kulon, Sudan di kidul, jalur Gaza jeung Israél di kidul-wétan. Watesna jeung cai nyaéta liwat Laut Tengah di kalér jeung Laut Beureum di wétan.
Mayoritas populasi Mesir nyicingan di sisi Sungai Nil (kira-kira 40.000 km²). Kalobaannana daratan mangrupa bagian ti sagara keusik Sahara nu jarang dicicingan.
Mesir katelah eujeung peradaban kuna jeung sababaraha monumén kuna pangmegahna di dunya, misalna Piramid Giza, Kuil Karnak jeung Lebak Raja sarta Kuil Ramsés. Di Luxor, hiji kota di wewengkon kidul, aya kira-kira artéfak kuna nu nyapluk kira-kira 65% artafak kuna di dunya. Ayeuna, Mesir diakuan luas salaku pusat budaya jeung politik utama di wewengkon Arab jeung Wétan Tengah.
Politik
[édit | édit sumber]Mesir bentukna républik ti 18 Juni 1953. Mohamed Hosni Mubarak geus ngajabat salaku Présidén Mesir dina lima période, ti 14 Oktober 1981 saenggeus rajapati Présidén Mohammed Anwar el-Sadat. Salian éta, manéhna mingpin ogé Partai Démokrat Nasional. Perdana Menteri Mesir, Dr. Ahmed Nazif diistrénan dina 9 Juli 2004 pikeun ngagentosan Dr. Atef Ebeid.
Kakawasaan di Mesir diatur ngagunakeun sistem semiprésidénsial multipartai. Téoritisna, kakawasaan éksekutif dibagi antara présidén jeung perdana menteri tapi dina praktikna kakawasaan musat dina présidén, nu dina kiwari dipilih dina pamilu nu kandidatna tunggal. Mesir ngayaan ogé pamilu parlemén multipartéy.
Dina ahir Februari 2005, Présidén Mubarak ngabéwarakeun parobahan aturan pamilihan présidén nuju ka pamilu multikandidat. Pikeun kahiji kalina, ti 1952, rahayat Mesir mibanda kasempetan pikeun milih pamingpin ti daptar sababaraha kandidat. Tapi, aturan nu anyar ogé nerapkeun sababaraha batesan sangkan rupa-rupa inohong, kawas Ayman Nour, heunteu bisa sihungan dina pamilihan jeung Mubarak meunang deui dina pamilu.
Dina ahir Januari 2011, rahayat Mesir ménta Présidén nu waktos éta maréntah, Hosni Mubarak, pikeun mundur ti jabatanna. Nepi ka 18 poé aksi démonstrasi gedé méntaan Présidén Hosni Mubarak mundur, ahirnya dina kaping 11 Fébruari 2011, Hosni Mubarak resmi mundurkeun awak.
Démografi
[édit | édit sumber]Mesir mangrupa nagara Arab nu populasina panglobana, kira-kira 74 juta jalmi. Méh sakabéh populasi musat di sapanjang Walungan Nil, utamana Iskandariyah jeung Kairo, jeung sapanjang Délta Nil jeung deukeut Terusan Suéz. Méh 90% ti populasina mangrupa pangagem Islam jeung sisana Kristen (utamana didominasi Koptik).[1]
Pangaruh Méditérania (kawas Arab jeung Italia) jeung Arab muncul di kalér, jeung aya sababaraha populasi asli hideung di kidul. Loba téori geus diusulkeun ngeunaan asal urang Mesir, tapi euweuh nu konklusif, jeung nu panglobana ditarima nyaéta yén masarakat Mesir téh mangrupa campuran ti urang Afrika Wétan jeung Asiatik nu pindah ka lebak Nil saenggeus jaman és. Urang Mesir ngagunakeun basa ti kulawarga Afro-Asiatik (saméméhna dikenal salaku Hamito-semitic).
Babagian Administratif
[édit | édit sumber]Mesir dibagi kana 26 kagubernuran (muhafazat; tunggal – muhafazah):
Agama
[édit | édit sumber]Agama miboga laku gedé dina kahirupan di Mesir. Teu resmina, azan nu diaweuhan lima kali sapoé jadi panangtu sababaraha kagiatan. Kairo ogé dikenal eujeung laloba munara masjid jeung garéja. Dumasar kana konstitusi Mesir, sakabéh paundang-undangan kedah cocog jeung hukum Islam. Nagara ngakuan mazhab Hanafi liwat Kamenterian Agama. Imam dilatih di sakola kaahlian keur imam jeung di Univérsitas Al-Azhar, nu miboga komite pikeun masihan fatwa ngeunaan masalah agama.
90% ti populasi Mesir mangrupa pangagem Islam, mayoritas Sunni jeung sabagian ogé ngagem ajaran Sufi lokal. Kira-kira 10% populasi Mesir ngagem agama Kristen; 78% dina dénominasi Koptik (Koptik Ortodoks, Katolik Koptik, dan Protestan Koptik.
Atikan
[édit | édit sumber]Sajarahna, modérnisasi atikan di Mesir mimitina ti pangenalan kamajuan ilmu pangaweruh jeung téhnologi Napoléon Bonaparté wanci panalukan Mesir.[rujukan?] Kamajuan ilmu pangaweruh jeung téhnologi nu dipiboga ku Napoléon Bonaparté ti Perancis ieu, méré inspirasi nu kuat kana para panganyar Mesir pikeun ngalaksanakeun modérnisasi atikan di Mesir nu dianggapna stagnan.[rujukan?] Di antara inohong-inohong éta, Jamaluddin al-Afghani, Muhammad Abduh, jeung Muhammad Ali Pasha.[rujukan?]
Sistem Atikan di nagara Mesir kaasup[rujukan?]:
- Sakola Dasar (Ibtida’i)
- Sakola Nengah Kahiji (I’dadi)
- Sakola Nengah Luhur (Tsanawiyah ‘Ammah)
- Atikan Luhur
Dicutat tina
[édit | édit sumber]- ↑ Mu'arif, Mu'arif (2018). Monoteisme Samawi AutentikMu'arif. Jakarta: IRCiSoD. p. 26. ISBN 9786027696501. Disungsi 1 Juni 2024
Tempo ogé
[édit | édit sumber]Tumbu luar
[édit | édit sumber]Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeung Mesir. |
Tempo ogé Mesir di Wikivoyage
- (en) Situs resmi
- (en) Situs resmi pariwisata Archived 2006-03-05 di Wayback Machine
- (en) Egypt through the ages