Mesin
Mesin asalna tina Kecap machina basa Latin, Ogé tina basa Yunani (Doric μαχανά Makhana, Ionic μηχανή mekhane "pamaggih, mesin",[1] asalna tina mekhos μῆχος "anu pihartieuna, bijaksana, obat "[2]). Mesin nyaéta hiji alat anu mibanda hiji atawa lebih bagéan anu maké tanaga/énergi Pikeun ngalaksanakeun hiji pagawéan anu geus ditangtukeun saméméhna. Mesin biasana dideudeul ku mékanik, kimia, termal, atawa dibantu maké listrik, jeung henteu saeutik ogé anu maké motor. Ninggali kana sajarahna, pakakas listrik ogé dipikabutuh pikeun ngagerakeun, pikeun ngagolongkeun kana sebutan mesin. Dalah kiwari, ayana elektronik geus ngarojong kana ngaronjatna pakakas listrik henteu maké alat anu gerak ogé bisa dianggap mesin.
Mesin geus ngabantu ngaronjatkeun kamampuan manusa jauh saméméh ayana catétan anu mertélakeun ngeunaan ieu mesin. Hijia alat anu sederhana atawa mékanisme bisa dibédakeun utamana tina asal muasal jeung meureun tina cara ngajalankeun/pengoperasianna. Istilah mesin biasanamah ditujukeun ka salah sahiji bagéan anu gawé bareng dina ngalaksanakeun hiji pagawéan. Biasana ieu pakakas ngurangan gaya gerak anu dilakukeun, Ngarobah arah tanaga, atawa ngarobah tanaga gerak atawa énérgi kawujud anu séjéna.
Sajarah
[édit | édit sumber]Jaman baheula kénéh, manusa geus mibanda sagala rupa pakakas primitif saenggeusna dimimitian ku 'Revolusi Industri' terus ngadorong ngaronjat keun téknologi anyar jeung mesin anu leuwih maju. Ieu aya dina mangsa jaman Yunani Kuno/buhun dipikawanoh ayana prinsip-prinsip pisik jeung cara gawé mesin. Keduana Nepi ka kiwari ieu mesin téh terus ngaronjat samodél dikanyahokeunna nanotéknologi ngaran mesin molekulnya. Idé mesin ieu dimimitian ku filsuf Yunani Archimedes dina abad katilu SM, di mana geus dititénan mesin "Archimedean" : Lever, katrol, jeung sekrup. Archimedes ogé mimitina anu manggihan prinsip leverage. Saterusna filsuf Yunani séjéna narabaskeun ngeunaan lima mesin klasik jeung mampu ngitung pangaruh maranéhna (teukaasup widang anu déngdék). Hero ti Alexandria (ca. AD 10-75) dina daptar téhnik lima mekanismé anu dijieuna bisa nempatkeun robahna biaya: Éngkol, rél, katrol, baji jeung sekrup,[3] jeung ngagambarkeun produksi [4] Pangaweruh Yunani ngeunaan mesin ngan ukur nepikeun ka mesin sederhana, anu dijalankeun ngaliwatan kakuatan kasaimbangan, teu kaasup dinamika, perbandingan kakuatan jeung jarak, atawa cara gawena.
Mesin Elektronik
[édit | édit sumber]Elektronik nyaéta bagéan tina élmu fisika, téknik jeung téknologi anu aya hubunganna jeung sirkuit listrik anu ngalibatkeun komponén listrik aktip saperti tabung vakum, ''transistor'', ''dioda''kana ''sirkuit terpadu'', jeung téknologi interkoneksi pasipna. Komponén aktip mibanda sipat/Perilaku nonliniér jeung maranéhna mibanda kamampuan pikeun mengontrol arus ''elektron'' ngahasilkeun ''amplifikasi'' sinyal lemah anu biasana dimangpaatkeun pikeun informasi pemrosesan sinyal. Nyakitu ogé, barang-barang elektronik mibanda kemampuan pikeun jadi saklar kuhal ieu dimungkinkeun nyieun pangolahan informasi digital. Teknologi ''interkoneksi'' jiga ''papan sirkuit'', teknologi bungkus elektronik,jeung loba deui ''infrastruktur'' sirkuit komunikasi lengkep kagunaan jeung ngarobah campuran komponen campuran kana sajeroeun sistém gawéna.
Tutumbu Kaluar
[édit | édit sumber]Artikel ieu mangrupa taratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggo ngalengkepan. |
Dicutat Tina
[édit | édit sumber]- ↑ "μῆχος", Henry George Liddell, Robert Scott, A Greek-English Lexicon, on Perseus project
- ↑ "μηχανή", Henry George Liddell, Robert Scott, A Greek-English Lexicon, on Perseus project
- ↑ Asimov, Isaac (1988), Understanding Physics, New York, New York, USA: Barnes & Noble, p. 88, ISBN 0-88029-251-2.
- ↑ Ostdiek, Vern; Bord, Donald (2005). Inquiry into Physics. Thompson Brooks/Cole. p. 123. ISBN 0-534-49168-5. Diakses tanggal 2008-05-22.