1792 – "La Marseillaise" (lagu kabangsaan Perancis) diciptakeun ku Claude Joseph Rouget de Lisle.
1829 – Charles Fremantle nunggang kapal Challenger anjog ka basisir nu kiwari nelah ku Australia Kulon méméh ngakukeun Koloni Leuwi Angsa pikeun Karajaan Inggris.
1859 – Insinyur-insinyur Inggris jeung Perancis mimiti ngagali lemah pikeun nyieun Terusan Suéz.
1882 – Pasukan Perancis jeung Viétnam patelak di Tonkin, nalika Komandan Henri Riviere ngarebut bénténg Hanoi ku sajumlah leutik pasukan infanteri marinir.
1915 – Perang Dunia I: Patempuran Gallipoli dimimitian: Serangan ka Bojong Gallipoli Turki ku pasukan Inggris, Perancis, India, Australia jeung Selandia Anyar dimimitian ku balabuh di Anzac Cove jeung Tanjung Helles.
1920 – Dina Konferénsi San Remo, kakuatan Sakutu di PD I ngadopsi hiji résolusi nu nangtukeun panempatan mandat LBB Kelas “A” pikeun pangaturan wilayah-wilayah urut jajahan Turki Utsmani di Wétan Tengah.
1927 – Spanyol ngabaruntakkeun 20.000 soldadu Maroko (pangbarontakan Rifkabylen).
1941 – Operasi Merkur: Hitlér maréntahkeun panalukan Kreta.
1945 – Poé Elbe: Pasukan AS jeung Soviét patepung di Torgau sapanjang Leuwi Elbe, ngabagi Wermacht Nazi jadi dua.
1945 – Pasukan Soviét nganggeuskeun paningkeranna ka Bérlin, motong jalan asup ti béh kulon ka puseur nagri Jérman.
1945 – Poé pangbébasan (Italia): Pasukan Nazi nyarerah sarta ninggalkeun Italia Kalér; pamaréntahan bonéka dibubarkeun sarta Benito Mussolini dicerek nalika rék kabur. Poé ieu dijadikeun poé peré umum pikeun ngareuah-reuah Pangbébasan Italia.
1945 – Négosiasi pikeun diadegkeunna PBB dimimitian di San Fransisco.
1945 – Pasukan pamungkas Jérman ninggalkeun lemah Finlandia di Lapland, mungkas Perang Lapland. Aksi-aksi militer tina Perang Dunia Kadua lekasan di Finlandia.
1951 – Perang Koréa: Pasukan Cina nu nyarerang dipaksa mundur sabada perang campuh jeung pasukan PBB, nu utamana diwangun ku pasukan Kanada jeung Australia, dina Patempuran Kapyong.
1953 – Francis Crick jeung James Watson medalkeun "Struktur Molekular tina Asam Nukléus: Hiji Struktur pikeun Asam Nukléid Déoksiribosa (singk. Inggris: DNA)” nu ngagambarkeun struktur dobel hélik tina DNA.
1954 – Bateré tanaga surya praktis nu munggaran dipintonkeun ku Laboratorium Telepon Béll.
1959 – Jalan Laut Saint Lawrence, nu nyambungkeun Great Lakes Amérika Kalér jeung Samudera Atlantik sacara rasmi dibuka pikeun palayaran.
1960 – Kapal selam Angkatan Laut AS, USS Triton, nganggeuskeun ngurilingan dunya maké kapal selam nu munggaran.
1972 – Perang Viétnam: Serangan Nguyen Hue: Divisi Ka-320 Viétnam Kalér maksa 5.000 urang ti pasukan Viétnam Kidul pikeun malundur sarta ningker kurang leuwih 2.500 lianna di kaléreun Kontum.
1974 – Révolusi Kembang Sapatu: Kudéta militer sayap kiri di Portugal ngarugrugkeun otoritas konservatip Réjim Estado Novo sarta ngadegkeun hiji pamaréntahan démokratis.
1981 – Leuwih ti 100 pagawé kakeunaan ku radiasi nalika keur ngaroméan Pabrik Tanaga Nuklir Tsuruga di Jepang.
1982 – Israél ngaréngsékeun panarikan pasukanna ti Bojong Sinai nurutkeun kana Kasapukan Kémp David.
1983 – Perang Tiis: Budak sakola awéwé Amérika, Samantha Smith, diundang nganjang ka Soviét ku pamingpinna, Yuri Andropov, sabada Andropov maca suratna nu ngébréhkeun kasieunna kana Peraeng Nuklir.
2005 – Potongan panungtung tina Obelisk Axum dipulangkeun ka Éthiopia sabada dipaling wanci serangan Italia di taun 1937.
2005 – Bulgaria jeung Romania néken perjangjian pangauban pikeun ngagabung ka Uni Éropa.
2007 – Pamakaman Boris Yeltsin: Minangka pamakaman nu munggaran nu meunang deui réstu ti Garéja Ortodoks Rusia pikeun saurang pupuhu nagri ti saprak pamakaman Kaésar Alexander III di taun 1894.
2015 – Ampir kana 9.100 jalma maraot sabada lini tohaga 7,8 magnitud narajang Népal.
2019 – Microsoft jadi firma katilu di AS nu pangjualanna nepi ka 1 triliun dolar, sabada Apple jeung Amazon.
2019 – Angin Puyuh Kenneth narajang Mozambik ku kacepetan 220 km/jam, nelasan saheunteuna 38 jalma sarta ngancurkeun ampir 35.000 imah.