Lompat ke isi

Fungi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Versi yang bisa dicetak tidak lagi didukung dan mungkin memiliki kesalahan tampilan. Tolong perbarui markah penjelajah Anda dan gunakan fungsi cetak penjelajah yang baku.

Fungi mangrupa mikroorganisme nu teu ngandung klorofil dina struktur awakna.[rujukan?] Unit Vegetatatif fungi mangrupa struktur sél atawa benang hifa nu disebut miselium lamun aya dina kumpulan gedé.[1] Fungi teu ngembang ku cara ngabentuk akar, batang sarta daun saperti nu lumangsung dina tutuwuhan tingkat luhur.[rujukan?] Benang hifa bisa pasekat-sekat tapi bisa ogé teu kitu.[1]

Réproduksi fungi lumangsung sacara aséksual jeung sacara séksual kumaha jinisna.[1] Pambiakan aséksual fungi lumangsung ngaliwatan pamisahan Hida jeung ngabentuk spora saperti sporangiospora jeung konidia.[rujukan?] Dina jenis fungi nu diwangun ku hiji sél, pembiakan bisa lumangsung ngaliwatan pentunasan (budding).[1]

Klasifikasi

Zygomycota

Fungi ieu disebut Zygomycota sabab ngabentuk spora istirahat nu disebut zigospora.[2] Habitat Zygomycota aya di darat, dina taneuh, atawa dina sésa organisme paéh.[2] Zygomycota mangrupa grup utama anu bisa disebut penting sabab ngabentuk mikorisa (simbiosis fungi jeung akar tutuwuhan).[rujukan?] Anggota Zygomycota nu utama hirup salaku saprofit.[2]

Ascomycota

Ascomycota dicirikeun talus diwangun ku miselium nu disekat-sekat.[2] Réproduksi séksual dina Ascomycota nu bakal ngabentuk ascospora dina ascus.[2] Aya nu hirup salaku saproba jeung sababaraha hirup salaku parasit, nu ngabalukarkeun sagala rupa panyakit dina tutuwuhan.[2]

Basidiomycota

Basidiomycota umumna spésiés makroskopis sarta pohara keuna.[2] Ieu supa téh bisa dilarapkeun dina lapang jeung leuweung.[2]

Deuteromycota

Deuteromycota atawa fungi Imperfecti (fungi teu sampurna).[2] Divisi ieu dijieun pikeun ngelompokkeun sagala supa nu teu kaasup kana divisi séjénna.[2] Nu jadi ciri utama Deuteromycota téh nyaéta teu dipikawanoh réproduksi aséksual salila daur hirupna.[rujukan?] Deuteremycota ngan bisa kapanggih dina taneuh.[rujukan?] Lolobana anggota divisi ieu kamungkinan boga famili jeung Ascomycota nu ditempo tina ayana conidia.[rujukan?] Sésana kurang leuwih Zygomycota jeung Basiodiomycota nu teu baranahan sacara séksual.[2]

Rujukan

  1. a b c d SM. Widyastuti, Sumardi dan Harjono, 2005. Patologi Hutan. Gadjah Mada University Press : Yogyakarta.
  2. a b c d e f g h i j k Klasifikasi Jamur