Lompat ke isi

Nyeri huntu: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
YogiYY (obrolan | kontribusi)
Tag: Éditan sélular Éditan wéb HP Suntingan seluler lanjutan
Tidak ada ringkasan suntingan
Baris ka-1: Baris ka-1:
{{Orphan|date=April 2017}}
{{Orphan|date=April 2017}}
[[Gambar:A_man_suffering_from_Toothache.png|jmpl|Nyeri huntu]]
[[Gambar:Lower wisdom tooth neu.jpg|jmpl|Huntu]]
[[Gambar:Lower wisdom tooth neu.jpg|jmpl|Huntu]]
'''Nyeri huntu''' nyaéta salah sahiji kaayaan nyeri dina jero atawa di sabudeureun [[huntu]] jeung [[gugusi]]. Tingkat parnana karasana nyeri huntu téh rupa-rupa. Rasa nyeri dina huntu bisa karasa sapopoé jeput atawa nepi ka teu tangtu waktuna.<ref name=":0">Aladokter. [http://www.alodokter.com/sakit-gigi Pengertian Sakit Gigi] Diaksés ping 27 Séptémber 2017.</ref> Nyeri huntu mindeng karasa unggal geus barangdahar nu rasana amis.<ref name=":0" /> Nyeri huntu dibalukarkeun ku rupa-rupa pasualn nu aya dina huntu jeung gugusi, saperti [[karies gigi|karies]] huntu, [[gingivitis]] atawa panyakit gugusi.<ref name=":0" /> Nyeri huntu gé mangrupa salah sahiji ciri panyakit [[jantung]], saperti [[angina]], ciri panyakit ''[[sinusitis]]''. Nyeri huntu bisa ngabalukarkeun panyakit jantung, ''[[stroke]]'', jangar (lieur sirah), jeung guling gasahan.<ref name=":0" />

Révisi nurutkeun 16 Nopémber 2021 08.15

Nyeri huntu
Huntu

Nyeri huntu nyaéta salah sahiji kaayaan nyeri dina jero atawa di sabudeureun huntu jeung gugusi. Tingkat parnana karasana nyeri huntu téh rupa-rupa. Rasa nyeri dina huntu bisa karasa sapopoé jeput atawa nepi ka teu tangtu waktuna.[1] Nyeri huntu mindeng karasa unggal geus barangdahar nu rasana amis.[1] Nyeri huntu dibalukarkeun ku rupa-rupa pasualn nu aya dina huntu jeung gugusi, saperti karies huntu, gingivitis atawa panyakit gugusi.[1] Nyeri huntu gé mangrupa salah sahiji ciri panyakit jantung, saperti angina, ciri panyakit sinusitis. Nyeri huntu bisa ngabalukarkeun panyakit jantung, stroke, jangar (lieur sirah), jeung guling gasahan.[1]

Nu ngalantarankeun Nyeri Huntu

Rupa-rupa nu ngalantarankeun nyeri huntu téh di antarana:[1]

Radang Gugusi

Dina jero huntu téh aya nu ngarana pulpa. Pulpa mangrupa lapisan pangjerona dina susunan huntu nu diwangun ku pembuluh darah jeung saraf sensitif. Nyeri huntu téh disababkeun ku radangna pulpa. Ieu radang dibalukarkeun sababaraha hal anu dijéntrékeun kieu.[1]

  • Huntu nu buruk (ieu kaayaan biasana dimimitian ku huntu nu regas).
  • Numpukna nanah handapeun huntu nu disababkeun ku inpéksi Baktéri (abses periapikal).
  • Ngariutna gugusi.
  • Huntu nu pungglakna teu beresih.
  • Tambalan huntu nu ruksak atawa anu geus leungit (dina huntu nu kungsi ditambal).

Akar huntu nu sénsitip

Nyeri huntu ogé dibalukarkeun ku akar huntu nu muka. Biasana akar huntuna leuwih handap tibatan akar huntu séjénna. Éta kayaan biasana disebut "resesi." Akar huntu nu muka biasana jadi leuwih sénsitip kanu kadaharan jeung kainuman nu panas, tiis, jeung haseum lantaran akarna teu kahalangan ku gugusi jeung tulang nu séhat.[1]

Impaksi jeung érosi huntu

Nyeri huntu bisa ogé dibalukarkeun ku huntu anu jadi lain dina tempatna jeung cicingna handapeun gugusi. ku sabab éta, huntu nu aya disabudeureunna jadi radang jeung bareuh nu ngabalukarkeun rasa nyeri anu tanwates wangen utamana lamun nyapék. Pikeun ngubarana, biasana dibéré ubar antibiotik (pikeun inpéksi), jeung operasi pikeun ngangkat molar katilu (odontektomi).[1]

Teu saimbangna hormon

Teu saimbangna hormon téh biasana keuna ka wanoja. Teu saimbangna hormon ieu téh biasana kaalaman ku wanoja nepi ka 4 kali salila hirupna, nyaéta dina mangsa begér, menstruasi, menopause jeung lamun keur hamil.[2] Teu saimbangna hormon diwanoja ngakibatkeun rupa-rupa masalah kaséhatan, di antarana radang gugusi jeung jaringan periodontal. Jaringan gingival miboga loba reseptor estrogen nu bakal ngaréspon fluktuasi hormon. Ieu hal nu ngabalukarkeun wanoja leuwih mindeng ngalaman nyeri huntu tibatan lalaki.[2]

Ubar Tradisional Nyeri Huntu

Aya mangrupa-rupa ubar tradisional keur nyeri huntu téh diantarana ieu di handap.[3]

Daun Inggu Garing

  • Bahanna nyaéta Daun inggu garing (2-4 gram), cai (2 gelas).
  • Carana nyaéta Kulubkeun daun inggu garing dina 2 gelas cai nepi ka ngagolak. Saring caina mun geus tiis, tulus paké keur kekemu sababaraha kali.[3]

Minyak Batok Kalapa

  • Bahanna nyaéta batok kalapa nu geus dibeulah jeung kapas sacukupna.
  • Cara ngubaranna nyàeta duruk batok kalapa nepi ka kaluar minyakna, tuluy cocol minyak nu aya dina batokna maké kapas, sanggeus kitu antelkeun kana huntu nu nyeri.[3]

Campuran Cai Panguluban Daun Seureuh jeung Cengkéh

  • Bahanna nyaéta daun seureuh jeung cengkéh.
  • cara ngubarana nyàeta kulub daun seuruh jeung cengkéh, tuluy cai pangulubanana dipaké pikeun kukumur.[3]

Rujukan

  1. a b c d e f g h Aladokter. Pengertian Sakit Gigi Diaksés ping 27 Séptémber 2017.
  2. a b Perempuan Lebih Sering Sakit Gigi, Mitos atau Fakta?
  3. a b c d Sehat Natural. 30 Obat Sakit Gigi Tradisional Yang Paling Manjur gigi Diaksés ping 27 Séptémber 2017.