Lompat ke isi

Emih kocok: Béda antarrépisi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Konten dihapus Konten ditambahkan
Muthi'ah Zahra (obrolan | kontribusi)
Tidak ada ringkasan suntingan
Muthi'ah Zahra (obrolan | kontribusi)
m menambahkan Kategori:Kadaharan dumasar sélér menggunakan HotCat
Baris ka-6: Baris ka-6:
== Rujukan ==
== Rujukan ==
<references />{{pondok}}
<references />{{pondok}}

[[Kategori:Kadaharan dumasar sélér]]

Révisi nurutkeun 17 Oktober 2017 13.59

Mie kocok nyaéta salah sahiji kadaharan Indonésia nu asalna ti Bandung, Jawa Kulon.[1] Mie kocok mangrupakeun kadaharan sajenis baso, nu ngabédakeunna mah bahan palengkepna nu maké kulit sapi.[1] Numutkeun buku wisata jajan Bandung, diaranan mie kocok téh kusabab cara nyieunna nu ngabuskeun jeung ngocok mie jeung togé kajero cai panas.[1] Mie kocok téh bisa kapanggih dimana waé, lolobana mah maké gorobag surung.[1] Kiwari mah nu dagang mie kocok téh geus sumebar ka sababaraha daérah di Indonésia. [1]

Cara nyieunna

Mie kocok miboga bahan dasar tina mie gepéng, mie jenis ieu loba di pasar atawa di supermarket.[1] Sanajan kitu, lolobana mah sok nyarieun mie na sorangan tibatan meuli mah, kusabab mie nu dijieun sorangan biasana miboga rasa nu has tibatan meunang meuli mah.[1] Salian ti mie gepéng, mie kocok gé maké rupa-rupa bahan, kayaning togé, sosin, baso, kulit sapi, bawang goréng.[1] Pikeun nyieun mie kocok téh mimitina mah taheurkeun heula cai nepi ka ngagolak, abuskeun baso jeung kulit sapi nepi ka asak, tuluy anclumkeun mie gepéng, togé jeung sosin kira-kira 2 menitan, tuluy jait.[1] Siapkeun bungbu séjénna dimangkok, geus kitu mah mie jeung togé kari dipidangkeun dimangkok, maké palengkep baso, kulit sapi,bawang goréng, salédri, jeung tong poho maké peresan jeruk mipis jeung sambel.[1]

Rujukan

  1. a b c d e f g h i j Kaya, Indonesia. "Mie Kocok, Mie dengan Cita Rasa Khas Asal Bandung | IndonesiaKaya.com - Eksplorasi Budaya di Zamrud Khatulistiwa". IndonesiaKaya. Diakses tanggal 2017-10-17.